DRAMA SUNDA XI-8
“KADE SALAH NYOLOK”
(untuk 12 orang)
pengarang : Adi Isruna
Adegan 1 di bumi mang
adol
Adol : neng..
Munaroh : enyaa..
Adol : neng, ngarasa bosen teu sih jeung kaayan hirup urang
nu kieu-kieu wae?
Munaroh : ssst...
Adol : tapi neng, aku mengeluh dengan hidup ini
Munaroh : hmmmm.. ai jujur mah enya kang, tapi kumaha deui
atuh, ayeuna mah urang kudu bersyukur jeung kaayaan kieu
Adol : enya neng
Munaroh : A cenah aa bade ka bumi pak RT, arek ngurut pak RT
Adol : ohh enya neng, ayeuna tabuh sabaraha teh? (kopina
bahe)
Munaroh : ai si aa teh kunaon atuh (salah ngelap)
Adol : panas... panas..., aa berangkat heula nya neng.
Assalamualaikum
Munaroh : waalaikumsalam, aa minyakna moal dibawa?
Adol : ohh enya, nuhun neng
Adegan 2 di bumi pak
RT
Adol : assalamualaikum..
Pak RT : waalaikumsalam. Oh mang adol
Adol : enya kang, hampura kang, rada telat, aya gangguan
teknis bieu
Pak RT : teu nanaon, sok mangga calik heula mang
Adol : enya
Pak RT : sok mangga
dileeut kopina
Adol : punten pak RT teu aya kopina
Pak RT : buu.. buuu kopi
Ibu RT : enya antosan, naheur hela caina
Adol : paleubah mana kang anu karaos
Pak RT : tah ieu ieu. (nunjuk pundak)
Adol : enya kang
Pak RT : aww... geunah ning nya, sok dileueut kopina
Adol : punten pak RT teu aya kopina
Pak RT : buu.. buuu kopi
Ibu RT : enyaa, teu acan ngagolak caina, ku teu sabar atuh
si bapa teh
Pak RT : antosan nya mang
Adol : muhun pak RT (nelen ludah)
Pak RT : sakalian mang, ieu lengen
Adol : enya
Pak RT : buu.. kopina manaaaaaa
Ibu RT : (datang) yeuhhh
Pak RT : mana? ning eweh caina
Ibu RT : tuuh, cokot we kadapur sorangan
Pak RT : ah, silaing mah (sabari
ka dapur)
Adol : kang, kumaha nya urang bisa ngarubah nasib, asa bosen jadi tukang
urut wae mah
Pak RT : terus maneh hayang jadi
naon?
Adol : hayang gawe, anu teu cape
teuing
Pak RT : atuh jadi presiden we
atuh maneh teh
Adol : aiiii.. si akang sok
ngabodor
Pak RT : pan maneh teh laina
sarjana?
Adol : enya sarjana, tapi keuekeuh
wee, ripuuh
Pak RT : atuh, jadi jadi kades
maneh teh, dedengean kades nu ayeuna teh masa jabatana geus beak
Adol : terus urang kudu kumaha?
Pak RT : atuh mikir, maneh teh pan
sarjana, manfaatkeun atuh mempeng ngora keneh
Adol : tapi kumaha carana kang?
Pak RT : gampang, eta mah
dibantuan ku dek, tapi omat, lamun maneh jadi kades ulah korupsi kos bupati
urang ayena ning, siii.. rohmat yasin tuh. Belegug pan, mending dek kabagean
mah hahahahahh
Adol : moal atuh kang, eta mah
imana we ewehan
Pak RT : jaman ayena mah henteu
ningali agama mang, tingali we diberita menteri agama ayeuna korupsi duit haji,
ngerakeun
Adol : tos ah, bade uih heula
Pak RT : yeuh (bari mere duit)
nuhun kang
Adol : nya sami kang...assalamualaikum
Pak RT : waalaikumsalam
Adegan
3 di bumi mang adol
Adol : neng, satuju teu lamun aa
nyalonkeun jadi kades?
Munaroh : emangna babari kitu jadi
kades teh?
Adol : ari niat mah pasti kacapai,
nu penting mah urang kudu jujur jeung amanah
Munaroh : kumaha aa we lah ayena
mah, tapi omatt a, ulah kawin deui lamun geus jadi kades!
Adol : gampang eta mah, moal hiji
tapi dua (eleg)
Munaroh : tingalikeun we!
Adegan
4 di tempat kampanye
Somad : rakyat sukasasarean, pilih
kuring No. 1, pasti makmur jeung sajahtera. Desa ieu pasti dinomer hijikeun
Adol : rakyat sukasasarean, pilih
kuring No. 2, desa ieu pasti diduakeun, eh. Desa ieu moal makmur, sakola gratis
12 taun, tapi gawe mayar. (warga bersorak )
Adegan
5 ditukang sayur
Ecih : ceuu ceu. Aya gosip
teranyar yeuh
Siti : aya naon, aya naon
Ecih : ah, teu jadi ah
Siti : naon atuh buru, soklah
ditlaktir
Ecih : bener yeuh
Siti : heeh (bari mariksa kantong)
Ngan nginjem heula duitna
Ecih : ehh ari maneh....yeuh (mere
duit)
Siti : soklah arek meuli naon? Ku urang
ditlaktir, jadi gosipna naon?
Ecih : eta we tempe, jadi kieu,
eta si adol nyalonkeun jadi kades cenah
Siti : teruss... terusss
Ecih : pang melikeun kangkung heula
tuh
Siti : gae, nginjem deui atuh
duitna
Ecih : yeuh (mere duit) mang
kangkung 2 beungkeut, eta si adol bisa naon sih, tukang urut ge loba gaya nya
Bu RT : mang kangkung na aya keneh
teu? aya naon iyeuteh rame? Isuk-isuk geus ngagosip wae, miluan atuh
Tkg. Sayur : eta aya bu tinggal 2
beungkeut deui
Ecih : eh bu RT, geus nyaho gosip
teu acan bu?
Bu RT : gosip naon keurah?
Ecih : eta si adol nyalonkeun jadi
kades cenah
Bu RT : nu bener iyeu teh?
Ecih : gosip ti Ecih mah moal
pernah salah buu...
Bu RT : legeg amat nya, modal teu
boga ge hayang jadi kades
Tkg. Sayur : bener bu, paling ge
ujung-ujungna mah korupsi
Siti : eh, ulah waka suudzon heula
kabatur teh
Ecih : ah, emang kitu
Tkg. Sayur : deuh, pamajikana ge
sok nganjuk wae
Bu RT : eup ah aya jelemana
( si Adol datang )
Adol : aya naon sadayana? rada
heboh yeuh
Bu RT : ah, teu aya nanaon
Ecih : sok kepo kitu ah
Adol : ohh, engkin tong hilap nya
pilih abdi No.2
Siti : enya .. enya
Adol : assalamualaikum
Tkg. Sayur : (arek ngebug si adol
tapi alibi)
( teu lila si somad datang )
Somad : assalamualaikum sadayana ,
ieu aya barang ker amang sareng ibu-ibu, engkin pilih abdinya No.1
Sadaya : enyaa .. enyaa
Somad : bade kaharep heula nyaa,
tong hilap pilih No. 1
Adegan
6 di bumi Ana
Tim sukses : assalamualaikum
Ana : waalaikumsalam, aya naon?
Isuk isuk
Tim sukses : iyeu, aya 30rb,
pilihnya No.1
Adegan
7 di tps
Ana : a anu keur isuk mere duit
30rb teh saha teh ?
Suami : eta anu No.1
Ana : aa, nyoblos nu eta ?
Suami : henteu atuh, pasti moal bener
kahareupna
Ana : ohh, No.2 atuh
Suami : enya
Warga 1 : woooyy... anu kamari pas
kampanye arek ngarusak desa urang, No. Baraha teh ?
Warga 2 : etaa, No.2
Warga 1 : ohh, ieu lain bari
nyolok (nyolok matana bari emosi)
Warga 2 : maneh nyolok naona?
Warga 1 : panona aing mah, maneh?
Warga 2 : irungna haha, eh mbah
dukun nyolok oge?
Dukun : atuh enya, nyolok NO.1
Warga 1 : mbah,, kaaa ( calon No.1
nyerieun dadana ) karak ge arek dibejaan
Dukun : hampura-hampura, bieu teh
salah maca mantra
Pemudi 1 : nyolok nu mana yeuh?
Pemudi 2 : mana we anu beungeutna alus
Pemudi 3 : eh, selfi hela yukk,
jeng diupload ka instagram
Pemudi 1,2 : hayuu hayuuu
Pemuda : ehh, selfie wae nyaaaa, kos nu geulis wae.
Miluan deuh
Pemudi 123 : ahh, si akangmah PO
BOX
Pemuda : ai PO BOX teh naon?
Pemudi 123 : kepo ahh, si aa mah
Pemuda : eh, serius.
Pemudi 123 : PO BOX teh... (warga
ngagorowok, soalna ngantri)
PENGUMUMAN
Panitia : assalamualaikum,,
ibu-ibu, bapa-bapa sadayana ayena urang umumkeun wae hasil suarana (tim sukses
orasi)
Panitia : toosss, toss, tong
rariweuh, lamun riweuh moal diumumkeun yeuh. Anu jadi kades teh nyaetaaaa,
bapaaaaa..... tong kamana-mana urang
balik deui saengges nu hiji ieu (suara adzan)
Panitia : cekk, cekk 1 2 3 , anu jadi kades 4 taun
kaharep nyaeta ...... bapa ( musik )
Bapa Adol...................................
Tim sukses bersorak.. mang somad embung narima, manehna
langsung nyokotan barang anu dibere ka warga, langsung dibawa ka RSJ.
SELESAI
12 komentar:
Haha rame euy
Haha rame euy
kang izin bade nurutan kangge pancen di sakola:)
caritana rame kang (y)
izin copy kang, haturnuhn kabantos pisan (y)
Lucu ™
www.latahza.com
izin copy kangg, kangge tugas sakola :)
Izin copy ya kang
Izin copy nya kang kangge tugas sakola..
Izin copy kang
izin copy min :D
Kualitas ey
Ijin copy yah Kak, buat pentas drama sunda, Trimakasih banyak kak
Posting Komentar